Jumat, 19 Juli 2013

Sinopsis novel sunda


SI KABAYAN JADI DUKUN
Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling. Basa kadatangan semah nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula.
Nya sanggeusna disiksa ku deungeun-deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana. Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan. Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait pikeun jeung Agus. Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh jadi guyur.
Kabayan akhirna kanyahoan lain dukun asli. Isukna burudul pulisi, kapala-kapala desa jeung menak ti dayeuh rek nangkep si Kabayan. Akhirna Si Kabayan dibawa ka dayeuh terus diabuskeun ka bui. Pamajikanana datang ka dayeuh nempo Si Kabayan bari ceurik rumasa salah. Kabayan dibebaskeun ti bui, Kabayan jeung Agus indit ka imah sudagar. Menta si Agus diijinan kawin jeung Nyi Hasanah. Ki Haji, bapana Nyi Hasanah teu satuju. Tapi, Nyi Hasanah menta restu ti bapana dikawinkeun jeung Agus. Kusabab Nyi Hasanah ngan cinta ka Agus saurang. Akhirna Ki Haji mere restu ka budakna. Agus jeung Nyi Hasanah akhirna kawin jeung hirup bagja.